Sabtu, 19 Desember 2009

Beja kabungahan

Lamun urang ngadangu aya hiji pasawahan anu hejo ngemploh nu dadak sakala karoneng jeung daunan beak, cingcirining sawah teh kena ku hama, seunah hamana ngagalaksak pisan, hese dibasmi. para patani meuni hawatos pisan lantaran beak cara nanggulangannana.... ieu nu disebat beja pikasieuneun. Sabalikan sabaraha minggu kapuyuna aya beja yen ti kota aya bahan nu tiasa dipake ngabasmi hama, nu tos kajudi yen hasilna. tah nu kieu disebut beja kabungahan... Kitu oge dina hal rohani, yen urang bangsa manusa tos tumpur teu kapuluk deui tinggal nampi hukuman akibat dosa, tapi aya beja kabungahan yen Isa Almasih teh tos maot di salib, kanggo naggung dosa urang, naha tiasa kitu. Tangtos atuh sabab Anjeuna saleureusna Gusti nu nyiptakeun urang, nu turun ka dunya nyaru jadi manusa, kanggu nggantikeun hukuman manusa, ieu kaasih Gusti nu Agung nu tos ngajadikeun urang aya pangharepan deui. Amin