Selasa, 06 Juli 2010

5 tips cara tuang

5 tips cara tuang nu sehat ti nagara-nagara pangsehatna sadunya
Waktos angkat-angkatan ka luar nagri, cara nu panggampilna keur mikawanoh budaya di eta patempatan nyeta ngalangkungan tuangeun. Naha para saderek terang upami di sababaraha nagara ngagaduhan kabiasaan tuang nu sehat pisan?
Dina buku-buku sapertos “The French Diet: The Secrets of Why French Wowen Don’t Get Fat,” nu dikarang ku Michel Montignac, sarta hiji panalungtikan nu masih teras dipidamel dugi ka kiwari, disebatkeun yen tuangeun nu mindeng dikonsumsi ku bangsa Asia sareng Mediterania ngagaduhan seueur kandungan nutrisi ni diperyogikeun ku awak urang.
Para wargi hoyong terang tips tuang sapertos naon wae ni tiasa dipaok ku urang ti nagara-nagara sejean eta?
1. Nuang seueur gandum, sayur, sareng bubuahan
Hal nu sarupa kieu mindeng dilampahkeun ku urang Cina sareng Yunani
Di sababaraha nagara, daging ngan dianggap tammbihna wungkul. Menu tuang urang Cina traditional contona, ngan tina sasayuran, bubuahan sarta gandum. “sapertos oge masyarakat Yunani nu nganggap yen sasayuran sareng legumes (sajenis kakacangan) salaku tuangeun utama, sanes pelengkap.” Kitu disaurkeun ku antonia Tricopoulou, MD, PhD, profesor ti universitas Athena sareng direktur pusat Nutrisi WHO.

Numutkeun panalungtikan, tilu atawa leuwih gandum sareng sasayuran sarta bubuhan unggal dinten tiasa ngirangan resiko serangan stroke, jantung sareng sababaraha jenis panyawat kangker.

2. Raoskeun tuang nu ngalimed
Ngaraoskeun tuang nu ngalimed ieu sok dipilampah biasana ku urang Italia, Perancis, Spanyol, Yunani, Jepang.

“Ritual” tuang di nagara-nagara eta teh tiasa lumangsung salami sababaraha jam. Malih mah di Yunani aranjeuna “tuang bari lalaunan, dina waktos nu tartib unggal dinteunna sareng lumangsungna di lokasi nu pangademna.” Kitu saur Trichopoulou.
Sawatara kitu kango bangsa Perancis, Italia sareng Spanyol, tuang mangrupakeun waktos kango ngumpul kulawarga sareng rerencangan. Tah, tuang teh tiasa ngarakeutkeun hubungan di antawis anggota kulawarga. Waktos tuang nu kalem sareng bungah, awak urang bakal tiasa mroses tuangeun langkung enggal.


3 Perhatoskeun porsi tuangeun
Hal sarupa kieu dipraktekeun ku nagara Perancis sareng Jepang
Indonesia ngagaduhan seueur pisan tuangeun nu raos sareng sehat. Nu peryogi ku urang diperhatoskeun ngan merhatoskeun jumlah tuangeun nu dikonsumsi ku urang. Rata-rata urang Perancis nuang 25% langkung sakedik tibatan urang Amerika, Tah kitu saurna hasil tina panalungtikan anu dilakukeun kku Universitas Pensilvania. Di Jepang langkung tartib deui, tuangeun disadieakuen dina ukuran nu aralit sareng dituang dina mangkok nu alit, sanes dina piring nu ageug. Masyarakat Okinawa malih mah ngagaduhan kabiasaan nu disebat “hara hachi bu,” atawa “8 tina 10”, maksudna, warga Okinawa mah bakal riren tuang upami aranjeunna ngaraoskeun patuangan parantos kaeusian 80% seteuacan wareg pisan.

4. Nuang sababaraha rupa tuangeun nu seger.
Hal nu sarupa kieu dipilampah ku urang Italia, Perancis, Yunani, Jepang sareng Indonesia.
Unggal wisatawan asing nu ngadon balanja ka pasar tradisional atawa supermarket di Indonesi pastina bakal waas ningal seueurna piliheun tuangeun nu seger hasil tanahna Indonesia. Urang sunda dipikawanoh sual karesepna kana lalaban atawa tuangeun atah atawa tuangeun nu sanesna sapertos karedok. Masyarakat batak nu di pasisir situ Toba oge sok nuang lauk seger nu teu dipasak heula, sami sapertos urang Jepang nuang Sashimi.
Panalungtikan ngabuktkeun laun yen tuangen seger the seueur serat, sakedik kalori, kolesterol hade, sareng sakedik uyah sarta gula. Kukituna taun ieu ngawitan ngaglobal hiji trend nu disebat “Raw food revolution di nagara-nagara maju.

5. Ngabumbuan tuangeun
Hal sarupa kieu dilampahkeun ku urang India, china, Thailand, Indonesia
Ayana bungbu-bungbuan dina hiji pasakan tiasa ngaleipetgandakeun raosna tuangeun. Salian ngajanteunkeun raos tuangeun bungbu the oge dipikawanoh rendah kalori sareng bebas lemak. Sababaraha rupa bubungbuan sapertos bawang bodas, kayu manis, cengkeh sareng koneng oge ngagaduhan khasiat kanggo ngalawan sababaraha panyawat sareng nurunkeun kadar kolesterol jahat dina awak urang.